Indung Jeung Anak

“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab
indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah
sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa
nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju.
Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,”
ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani
ngembang céngék.
“Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri
heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé,
basa naék angkot, Bapa mah ti pengker naékna...lungsurna
mah ti payun,” pokna.
 
“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung
turun tina mobil.”
“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.
“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun
téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.
“Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh
mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh
sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naékturun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké
papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat
ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.
“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”
“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun
salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”
“Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki
panasaran.
“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan
anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu
jeung situasina.”
 
“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral...
kumaha?” lanceukna milu nanya.
“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang
kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh,
lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun
pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.
“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit
sual éta,” jawabna.
“Hubungan tatakrama jeung atikan moral téh pohara
raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian
tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta
ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,”
ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar
heula.”.

****

Postingan terkait:

Belum ada tanggapan untuk "Indung Jeung Anak"

Posting Komentar